Basa, Kasenian, jeung Kahirupan
Sunda
KU ayana kamekaran téknologi
internét nu ngarambah nepi ka tepis wiring, tétéla mawa pangaruh nu
kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi datangna ti
deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan
dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara
asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah
aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa
indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh
henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang
gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan.
Poé basa indung anu dipiéling saban
21 Fébuari tangtu bakal leuwih haneuteun ku ayana natrat yén basa indung téh
hirup kénéh, dina harti masih diparaké ku masarakat dina wangkongan sapopoé.
Lain baé basa Sunda, da kaasup basa indung sélér séjénna ogé jadi leuwih hirup
ku ayana kamekaran téknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO téh, anu
antukna netepkeun 21 Fébuari minangka Poé Basa Indung Internasional.
Héabna sumanget pikeun ngamumulé
basa Sunda ogé bisa karasa ti kalangan rumaja. Contona, dina Féstival Drama
Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Téater Sunda Kiwari, pesertana bisa
ngajaul ngaleuwihan targét panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup,
kacatet 49 grup téater rumaja nu miluan dina éta féstival. Lain baé patandang
ti Jawa Barat, da aya ogé peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa
dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda
pisan.
Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar
ti tanggal 7 nepi ka 27 Fébuari, di Gedong Kasenian Rumentangsiang ogé maneuh
dipidangkeun rupaning kasenian Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara
Sunda, longsér, jeung sajabana. Beuki pikabungaheun basa nengetan personilna
leuwih réa didominasi ku kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan
deui, dipidangkeun sacara maneuh di Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung
Ringkang Gumiwang kaasup dua grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di
Rumentangsiang.
Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di
dunya maya atawa dina kahirupan sapopoé, dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun
masarakat. Budaya Sunda tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih
asah, silih asih, tur silih asuh. Réréongan dina kahadéan, wanoh jeung baraya
katut tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran
jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idéntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu
deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun
kasenian banda urang.
Dina mangsa globalisasi kiwari, taya
deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu
siap tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan di lembur sorangan.
Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur sorangan ogé tétéla urang
Sunda méh kaléléd ku para pendatang. Widang ékonomi, pulitik, katut kasenian,
ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup
kalayan walagri di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang
Sunda nu teu kabagéan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi
séjén, réa nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu kumaha méakeun
raja kaya.
Dina kaayaan sarupa kitu, naha
kamana atuh palsapah “silih asih” téh jeung sasama téh? Naha urang bet téga
ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain baé
ngamumulé basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajén inajén
jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktékeun dina kahirupan
sapopoé.
Lamun “silih asah, silih asih, jeung silih asuh” geus
bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé, tangtu beuki éndah Sunda téh. Éndah
alamna, éndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana.
Apan harti “Sunda” téh éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé, “Sunda”
mah salawasna éndah tur reumbeuy kahadéan.
Masyarakat
Adat
PAPAGON
dina masarakat adat mah alam baris méré kahadéan lamun maranéhanana gé ngajaga
tur ngamumulé alam sabudeureunana. Kaarian terus mekar. Sikep mikahormat alam
minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masfan lokal tetep dipiara
najan jaman terus mekar.
Sikep
mikahormat alam minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masarakat
adat. Mun alam geus ruksak, mangka katingtriman hirup gé bakal kaganggu. Tapi,
ka béhdieunakeun, dina kamekaran jaman nu teu nolih kana kaarifan, loba lahan
adat nu kedéséh. Kadéséh ku pihak-pihak nu hayang ngamangpaatkeun lahan adat,
saperti pikeun villa, pabrik, pakebonan, atawa wangunan séjénna. Alam
masarakat adat nu ngawengku lahan, leuweung, gunung, katut walungan, nu salila
ieu jadi sumber kahirupan maranéhanana, bet jadi saperti nu leungit.
Masarakat
adat leungiteun sumber kahirupanana, alatan lahanna geus dipimilik ku batur.
Komunitas masarakat adat di nagara urang teu weléh aya dina nasib katalangsara.
Padahal, masarakat adat sarta nu jadi hak-hakna téh sakuduna mah bisa hirup
kumbuh kalawan tingtrim. Meureun wajar dina mangsa penjajahan mah mun
maranéhanana téh katalangsara. Sabab, sakur jiwa gé ngalaman katalangsara.
Tapi, kacida tragis mun nasib masarakat adat teu robah, tetep katalangsara,
dina jaman urang geus merdéka. Kiwari, teu saeutik aya kajadian konflik antara
masarakat adat jeung pihak-pihak nu ngaku geus miboga lahan masarakat adat. Nu
ngaku miboga, ngarasa boga hak alatan dibekelan hak guna usaha (HGU).
Sedengkeun masarakat adat satekah polah mertahankeun lahanna, nu dipercaya
minangka warisan ti karuhunna. Antukna, prinsip masarakat adat nu basajan téh
kaancam leungit nyanghareupan pihak-pihak nu hawek, nu ukur néang kauntungan
wungkul. Kasarakahan maranéhanana nu teu tanggungjawab téa, ngabalukarkeun
katingtriman masarakat adat kaganggu jeung lingkungan jadi ruksak.
Ku
mindengna kajadian samodel kitu, ngabalukarkeun masarakat adat mingkin kadéséh.
Kitu deui mun pamaréntah netepkeun kawijakan patali jeung wilayah adat bari
teu ngabaud masarakat adat nu geus dumuk ti béh ditu mula di éta wilayah,
tangtu masarakat adat gé baris kadéséh. Padahal, musawarah téh minangka wujud mihormat
ka masarakat adat jeung hak-hakna nu ditangtayungan ku undang-undang.
Sakuduna, tong aya deui kajadian kadéséhna komunitas masarakat adat téh, boh
dina sual lahan boh dina sual kabebasan ngalaksanakeun adat maranéhanana. Ku
sabab nagara urang geus netepkeun undang-undang pikeun nangtayungan masarakat
adat. Éta hal luyu jeung katangtuan internasional, nu ogé geus diaku ku nagara
urang. Dina pasal 6 ayat 1 Undang Undang (UU) Nomor 39 Taun 1999 ngeunaan Hak
Asasi Manusia (HAM), kalawan teges nagara nangtayungan komunitas masarakat
adat. Kieu unina téh, “Pikeun nanjeurkeun hak asasi manusa, perbédaan jeung
pangabutuh masarakat hukum adat kudu diperhatikeun tur ditangtayungan ku hukum
masarakat katut pamaréntah”.
Sedengkeun
dina ayat 2, unina téh, “Jatidiri budaya masarakat hukum adat, kaasup hak lahan
ulayat, ditangtayungan luyu jeung kamekaran jaman”. Pon kitu deui, masarakat
adat nu kaasup kana kelompok minoritas gé kudu ditangtayungan ku nagara. Dina
pasal 27 Kovenan Internasional ngeunaan Hak Sipil jeung Pulitik, nyebutkeun,
“Di nagara-nagara nu aya kelompok minoritas dumasar kana étnis, agama, atawa
basa, hak-hak éta kelompok minoritas téh tong diganggu, dina komunitas papada
anggota séjén ti kelompok maranéhanana, enggoning ngararasakeun budaya
maranéhanana sorangan, pikeun ngalaksanakeun jeung ngamalkeun ageman
maranéhanana, atawa pikeun ngagunakeun basa maranéhanana”. Ku kituna, tong aya
deui ijin muka pakebonan, pangusahaan leuweung, atawa kagiatan pertambangan,
nu enya-enya ngarempak wates-wates wilayah lahan adat, nu saenyana mah geus
dipimilik ku masarakat adat ti béh ditu mula. Ogé, ka masarakat adat kudu
dibéré kabébasan pikeun ngalaksanakeun tradisi adatna, kaasup dina
ngalaksanakeun nu jadi agemanana.
Hak
masarakat adat pikeun ngagem ageman katut kapercayaan luyu jeung pilihanana téh
aya dina pasal 22 UU No. 39/1999 ngeunaan HAM, unina, “Sakur jalma bebas ngagem
agemanana séwang-séwangan tur pikeun ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman
katut kapercayaanana”. Dina ayat séjénna ditegeskeun, “Nagara ngajamin
kamerdekaan sakur jalma pikeun ngagem agemanana séwang-séwangan katut
ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman tur kapercayaanana”. Kalawan teges
konstitusi geus ngajamin jeung nangtayungan hak-hak masarakat adat. Ku kituna,
nagara wajib ngawujudkeunana. Ulah ieuh aya alesan nagara teu mampuh
ngawujudkeunana. Da saenyana mah pikeun ngawujudkeun kamampuh téh kacida
gampilna, nyaéta ku cara némbongkeun kalawan enya-enya dina kawijakanana
sangkan teu weléh mihak kana kapentingan masarakat adat. Lain mihak kana
kapentingan pihak-pihak nu ngan ukur néang kauntungan wungkul.
Lamun téa mah hak masarakat adat téh dibaékeun, éta
hartina nagara geus ngalakukeun pelanggaran HAM.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar